Rabu, 18 Juni 2014

sekar manis

22 Januari 2014 pukul 14:55
kulucu malati nu aya di taman taman sari      2 kali
imut sengit maranis nu geulis putri mantili      2 kali
ku hegar ermawar nu aya di taman taman sekar
2 kali

        seger mangkrak barekah ,aduh manis rejeng daria
        seger mangkarak barekah ,maniis rejeng daria,

allohhu ya rohmannu yaa roohim

20 Januari 2014 pukul 5:43
allohuma, ya ahadu , ya wahid.
ya wujuddu ,ya ahadu ya basit tu ya karim
yaa khoyul yakoyummu ,ya rohmannu ya rohiim
ya rohimi ,ya rohimu ya robaal alamin.

             allooh mugia di tampi ieu bakti abdi gusti
             nya ka alloh abdi sujud ,nya kaalloh abdi tumut
             ya alloh mugi pangapunten ti na samudaya dosa.,

 melodi.........

             Di saat mata hati kita di bukakan
             Tuk mengingat kebesaranmu tuhan....o....o..

Gelisah merasuk perasaan,merindukan kedamaian
Hanyalah do,a kku panjatkan dan mengingat kebesaranmu tuhan

     puisi, Siapakah gerangan yang merasuk di jiwaku
             Keinginan gelisah terkadang datang dan hilang

             Aku, aku adalah arus kehidupan  yang mengalir di jiwaku
             Dan kau ,hanyalaah sebagian dari aku

           Aku ini suci.dan jangan biarkan aku terkotori
           Jikalah aku ter kotorii maka ,pasti engkau ,hilang ,dan tenggelam tanpa tujuan

           Dan sayangilah aku karena aku adalah cahaya ,sorga untukmu.

     lagu.
             Suatu saat nanti mungkinkah ku temui
             Di dalam alam abadi ,indahnya tanah sorgawi
             Yang penuh kedamaian juga keabadian tempat yang kau jangjikan ,yang ku rindukan

malati di gunung guntur

22 Januari 2014 pukul 19:36
malati di gunung guntur, seungit na sungkeuman ati
bodas  sesetaning rasa jadi na dina mumunggang leuweung larangan
malati di gunung guntur hanjakal henteu di peutik
 beja geus aya nu boga ,ngahaja melak didinya
para muriang
ayeuna kuring geus jauh ,malati sosoca gunung boa geus aya nu meutik
duka kuasaha.
kamari jol aya beja  malati ratna mumunggang majar can aya nu meutik ,duka kunaon
malati di gungung guntur ligar dina panineungan .na panineungan
na saha nu baris meutik ,kuring mah da puguh jauh biheung kadongkang

kembali ka luhur

kembang tanjung

22 Januari 2014 pukul 19:11
anaking jimat awaking .basa ema mullung tanjung rebun rebun
di pakarangan nu reumis keneh, harita keur kakandungan ku hidep
nu opat taun ka tukang ema nyipta mulung bentang
 nu marurag peting tadi
 kembang seungit di tiiran,pangangguran

anaking jimat awaking basa ema mulung tanjung  rebun rebun
 beut hentue sangka aya nu datang , tigunung ,rek ngabejaan bapa hidep
nu opat poe teu mulang  ngepung gunung pager betis  cenah tiwas peting tadi
layonana keur kadieukeun di pulangkeun
  harita waktu layona geus datang ,ema ceurik ieung balilihan
ras ka hidep ,ieu,ng na kandungan,, utun indji budak yatim deudeuh teuing
harita waktu layon geus di gotong . ema inget  ieung.kana tanjung
di kalung keun na pasaran
kembang asih panineungan ieung ti duaan


anaking jimat awaking lamun ema mulung tanjung
reujeung hidep. kasuat kasuat.nyappikairan
tapina kedal na teh ku hariring

hariring eling ku eling .kana tanjung nu di pulung
eeeh kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan hate urang panineungan

Sunda mekar

24 Maret 2014 pukul 13:47
Cacandarn para luluhur ciri bumi dayeuh panca tengah
Lemah ,duhurna, lemah lengkobna ,lemah padataranna
Nagara mukti wibawa,perlambangna Cukrah kujang papasangan
Kersana para dewata teu sulaya ti nyatana
Pasundan tanahna subur gemah ripah ,makmur loh jinawi
gunung gunung na cur cor caina ngeplak pasawahannana
cupup sugih pangebona karaharjan mencramawur kajauhna
nagri nanjung panjang punjung,murah sandang murah pangan
sunda surup kana tangtung sunda sieup ngimbang kana wanda
adeg aegna budi basana ,teu ngawahkeun wawanwna
someah hae kaemah ,matak betah nu ngadon bubuara
tara ebreh pangartina teu nembongkeun kabisana

naskah ''Gending Karesmen,,DURIAT""

Di iringi kawih lagu ayun instrument lagu ayun 'Ayun ambing"

"nyukcruk galur nu kapungkur ngudag carita nu baheula dina bab ,carita sunda "GENDING KARESMEN" nu kiwari ieu kasenian teh bis leungit kasilih ku budaya jeng kasenian lianna,ku kituna nya kawajiban urang sarerea salaku urang sunda nu pasti boga rasa pikeun ngamumulena ,Ari rame jeung heunteuna eta carita nya tinangtu gumantung kanu anu ngagarap eta carita ,pan sok aya paribasa ari buuk mah sarua hideung tapi ari dina kamampuan manusa sok rajen beda beda ,tapi hal ieu teu jadi pasoalan ,nu penting ngan hiji seni sunda ,budaya sunda kudu tetep ajeg nangtung dina kalungguhanana,nya eta dina tempat anu luhur ajen pangajenna,amiin yaa robbalalamin.Pamiarsa nu sami sami ngaluuhan ieu pajemuhan insyaaloh sim kuring saparakanca danget ieu baris medar hiji carita sunda basajan dapuguh kawengku ku kamampuan jeung kayaan anu sakieu buktina,boh wae ieu carita kurang nyegemakeun  nya hampura baraya.....nya...''beu''....

25 Januari 2014 pukul 0:18
kacaritakeun di hiji kampung anu teuing di mana ayana ,aya hiji wanoja anu jadi carita jalma loba teuing kunaon nya nu pastinamah eta wanoja aya leuwih batan wanoja anu lianna pangpangnamah pasemon katut rupana da ari kalakuannamah walohualam ,kacarita eta wanoja teh keur arulin di hiji pakarangan bari kairing ki sobat katut baturna maranehna jonjon arulin bara ngawih lagu sunda.
"kairing lagu kawih "kulucu malati'
sageus kitu kacaritakeun aya 3 jajaka pada kagoda maranehna sarua keur arulin kairing ku batur baturna bari silih tanya kabaturna ke tembang kulucu malati .kieu caritana.
jajaka ka1.lagu sekar manis,


kulucu neng mumun nu nuju jadi pujaning ati
ku lucu neng mumun nunuju jadi pujaning ati
lucu reujeung daria ,duh surup kana tangtunngna
lucu reujeung daria,surup kna tangtungna
ku endah rupana,matak mandar pikir kaedanan
ku endah rupana matak mandar pikir kaedanan
geulis endah tur manis,, lir putri ti kahiyang
an
  terus salah sahiji jajaka silih tanya ka neng mumun .kairing ku lagu cipt dul sumbang judukna MUMUN.
satuluyna 3 jajaka ngagoda ka neng mumun kairing babaturannana kairing lagu EDUN ,CIPT DUL SUMBANG,