Rabu, 18 Juni 2014

kembang tanjung

22 Januari 2014 pukul 19:11
anaking jimat awaking .basa ema mullung tanjung rebun rebun
di pakarangan nu reumis keneh, harita keur kakandungan ku hidep
nu opat taun ka tukang ema nyipta mulung bentang
 nu marurag peting tadi
 kembang seungit di tiiran,pangangguran

anaking jimat awaking basa ema mulung tanjung  rebun rebun
 beut hentue sangka aya nu datang , tigunung ,rek ngabejaan bapa hidep
nu opat poe teu mulang  ngepung gunung pager betis  cenah tiwas peting tadi
layonana keur kadieukeun di pulangkeun
  harita waktu layona geus datang ,ema ceurik ieung balilihan
ras ka hidep ,ieu,ng na kandungan,, utun indji budak yatim deudeuh teuing
harita waktu layon geus di gotong . ema inget  ieung.kana tanjung
di kalung keun na pasaran
kembang asih panineungan ieung ti duaan


anaking jimat awaking lamun ema mulung tanjung
reujeung hidep. kasuat kasuat.nyappikairan
tapina kedal na teh ku hariring

hariring eling ku eling .kana tanjung nu di pulung
eeeh kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan hate urang panineungan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar